Jumat, 11 Desember 2009

Tutut Sawah

"Tapi bah, saurna nuangan tutut sawah oge sae kanggo ngalandongan anu konengeun?" Sangga neng Ia.
"Sumuhun leres sae neng. Kajabi mirah deuih, upami aya keneh sawah mah."
"Di Heuleut kapan seueur abah. Ia sok milarian, mani resep teh abah." Gonjaknya.
"Kin atuh upami abah ka Heuleut, hoyong nyarengan neng milarian tutut saboboko."
"Da Ia oge sedep kana tutut mah abah."
"Sumuhun komo dipasakna cekap bumbuna sing seueur konengna, Beu matak abah mah siga ucing weh rajin nyokcrokan bari ngaguntingan congo bujurna." Akey abah kunikmat pisan.



Ngan pami tututna arageung, tangtos dagingna janten liat. Abah mah bade seja nyuhunkeun dipanggayemkeun we heula ka neng Ia. Duh, kabayang weh endahna neng ngagayem bari soca kejorana peureum benta. Aduuuh. Jaba ramona anu pinuh ku bumbu koneng tangtos bakal nikmatna lamotaneun abah tah. Nya neng.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar