Jumat, 11 Desember 2009

SUKUN

Kanggo penjagaan sareng penyehatan, ka neng Ia abah nganyarankeun konsumsi buah Sukun (Breadfruit).
Caranya, sayagikeun buah sukun seger ti tangkal boh pasar. Teras diiris sakedik tempat tangkai gantungna. Teras dibeulah janten 4 bagian. Lebetkeun kana panci anu pas, teras lebetan cai dugi ka ngeueum buah semet 2 Cm. Salajengna di godog dugi ka caina kantun saparona. Salajengna leueutan cai godongan 3x sadinten setengah cangkir. Buah Sukun na tiasa diiirisan teras dikalapaan atanapi digoreng, kumaha sedepna wae. Kapan sae ngakandung karbo hidrat tangtos sae janten supplement supados neng Ia matak tampil montok ambucuy.



"Saminggu sabaraha kali bah?" Tarosna semu bear marahmay matak senang naker ka abahna.
"Upami gampil ngala buahna, 2x saminggu tangtos saena. Upami nuju sesah, saminggu sakali weh neng."

Tidak ada komentar:

Posting Komentar