Hehe biasalah, kawitna abah mendelongan keureutan potret anu endah kieu. Teras sadar yen waktos potret ieu dicekrek dina kamera, neng Ia sigana mah tos katarajang panyawat kokonengeun. Mangga tingali, kapan kaciri dina bola socana aya aura semu koneng. Malihan dina tarang tempat ngagantungna buuk endah anu galing muntang (matak moho tingal), kapan masih katingali gurat semua koneng bodas. Cindekna mah masih atra piasna. Sangkan teu panasaran, sakantenan hoyong nguji titingalian lahir bathin, abah call neng Ia naroskeun. Hehe, manahoreng leres geuning, saur inyana mah, "kapungkur bah waktos bade kuliah. Kunaon kitu bah?" Waktos ditaroskeun neng lalandong kamana? Walerna mah dilandongan ku dokter. Waktos eta neng Ia kedah ngaleueutan sirop khusus unggal enjing sagelas muncung teu dicampuran ku cai2 acan.
Punten neng sanes abah bade lalawora ka neng, tapi abah mah melang bilih panyawat tea masih aya sesana. Anu antukna tiasa weh matak gering nangtung nampi gangguan dina sistim hati (lever). Pami urang pacaket mah, tangtos ku abah bantuan mintonkeun ngarawat ujung celah diantawis jempol sareng indung ramo sampean duanana. Diurutan weh saban waktos sasempetna. Tangtos bakal karaos nyerina, malihan manawi bakal utah uger koneng hejo sagala. Keun weh ambeh kabur panyawatna ka sabrang ka palembang. Ngan orokaya kapan abah ngurutanana oge kedah sakedikna saminggu unggal enjing tah. Beu kedah matuh atuh.
Jumat, 11 Desember 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar